Kamis, 30 Juli 2009

carita banyol urang sunda

Urang medan jeung urang sunda

Ucok miluan jumaa'han di masjid deket imahna Ujang.
Dasar keur sial sandalna Ucok aya nu maling.
puguh weh Ucok ngamuk, terus nanya ka Ujang bari molotot.
Ucok:'Hey siapa yang mencuri sendal saya?'
Ujang: 'Pahili panginten' ceuk Ujang
Ucok: 'Siapa itu Pahili?
Ujang (bari sieun): Pagentos
Ucok: Ooo Kalau begitu pak hili sama Pak gentos orang Jahat !
hehhee,......................


***************************************************
Dokter jeung pasien

Dina hiji mangsa aya pasien keur berobat. Biasa saacan di pariksa si dokter sok tatanya heula sangkan leuwih apal panyakitna. Basa keur mariksa si dokter ngambe awak pasien bau-bau teuing, atuh ditanya si pasien teh :

Dokter: 'Maneh sok sabaraha kali mandi?'
Pasien : 'Tilu kali pak!'
Dokter: 'Hah.........iraha bae?'
Pasien : 'Kamari, isukan, pageto'
Dokter: 'Ari ayeuna?'
Pasien : 'Ayeuna mah saptu atuh pa dokter....'
Dokter pingsan. hehehe,........

***************************************************************
Turis asing

Aya turis asing asup ka warung tegal PLO alias Penangkal Lapar Orang. Di dinya manehna ningali dina papa nu aya di hareupeun warung nu menuna nyaeta:

S E D I A :

Nasi Rames
Pecel Lele
Nasi Tutug
Nasi Rawon
Es Teler
Es Goyobod
Dll.

Sabada si turis bule asup ka eta warteg, pelayan nanya ka turis:

“Bade pesen naon, Mister?”

Si turis rungah-reungeuh ditanya ku pelayan teh. Rek teu bingung kumaha, manehna can nyaho rupa jeung rasa menu-menu nu ditulis di hareup.

“Saya..saya pes
Terbitkan Entri
en Dll...aja!” Big Grin Big Grin

0 komentar:

Poskan Komentar